<< / >>

Deskripsi:

Roman Pangantén ngadongéngkeun krisis jiwa nu karandapan ku kaom rumaja. Dina galeuh-galeuhna ieu hasil karancagé literér Dédén Abdul Aziz téh ngasongkeun surah nu mandiri kana naon rupa nu patali jeung jodo, pati, bagja reujeung cilaka. Kalawan miang tina jihat sawangan (point of view) rumaja, ieu roman mawa warna basa nu mandiri deuih. Dina ieu roman urang tepung jeung Rinrin minangka tokoh utamana. Kabogohna anu ngaranna Iyang alias Gumilang, maot nelasan manéh sanggeus nyebutkeun hayang kawin teuing ka saha. Leungiteun ku Iyang, terus layeut jeung Bén, baturna Iyang kénéh tapi teu lana. Terus dalit jeung Suminar anu pada-pada resep ngalangeu bari nyingkur, sok ngaroko jeung nguyup arak. Layeut pisan, dalah terus jadi lésbian.

Eksemplar:

No Kondisi Harga Ketersediaan Lokasi Perpustakaan Lokasi Penyimpanan