<< / >>

Deskripsi:

Tadina mah jejerna téh “Bandung Baheula”. Tapi da asa teu baheula-baheula teuing. Ukur 40-50 taun ka tukang. Cindekna mah ieu teh pangalaman hirup taun 1950-an. Éta lalampahan keur budak téh kungsi dimuat dina Galura. Ambéh teu bacacar, ku Galura dikumpulkeun terus dibukukeun. Mun dibandingkeun jeung taun 2000-an, Bandung taun 1950 tepi ka ka tompérnakeun taun 1960-an mah hirup di Bandung téh asa genah, betah, merenah tur tumaninah pisan. Lain bobohongan, leuleumpangan ngideran kota ti tungtung ka tungtung téh teu ieuh karasa capé. Hawana matak seger jeung ariuh ku tatangkalan. Tutumpakan teu pasulabreng teuing. Harita mah méh saban isuk kota téh kasaput ku halimun. Ciibun ngagaréndang dina tatangkalan.

Eksemplar:

No Kondisi Harga Ketersediaan Lokasi Perpustakaan Lokasi Penyimpanan